Thursday, January 19, 2006

Keur Anjeun nu Teuing dimana

enya kuring nu salah
narima, da memang kasalahan aya di kuring
anjeun tetep ngabalieur
kuring tetep mikatresna

keun, carita lawas wang tutup semet dieu
nista, maja, utama
geus utama kuring ngabangingik

naha anjeun mere harepan?
teu kudu kitu ari teu micinta mah
teuing kuring nu teu ngarti??
memang kuring nu teu ngarti..

kuring moal ngaganggu anjeun deui
hampura... hampura nu kamari,
hampura nu geus kaliwat
hampura kuring..

teu kudu diguar deui
peun!

1 comments:

Anonymous said...

Meni ngahelas kiyeu eung...
karunya teuing... eh eh..

 
;