Monday, May 08, 2006

Papatah Kang Darso

Ari dina jaman edan pasti lamun teu milu edan tangtu moal kabagean, tapi lamun milu edan pasti kaleungitan iman. Ari anu edan boro boro inget ka Pangeran jeung kana aturan, nu puguh mah mawa karep sorangan jeung kalakuanana kawas setan. Ari anu edan loba anu popohoan pikeun ngudag ngudag kasenengan nepikeun sungut samutut jeung beuteung burayut, sanajan benteng akhlak didarupak jeung pager iman paburantak. Nempo kawas kitu setan surak ting cakakak. Untungna ari anu edan tapi leuwih untung teu milu edan anu puntang eling ka Pangeran. Nempo kawas kitu simkuring sieun kabawakeun edan.
" Ya Allah pangeran abdi, pangmukakeun panto eling jeung pangnutupkeun panto edan, ditutup ku kasobaran jeung dikonci ku kaimanan"

2 comments:

zhieepiee said...

aduuuhhhh ga lgi2 lagi deh kalo baca postingan bahasane koyo ngene...gue kaga ngerti sama sekali zieerrrrrr!!!!

Tup Tup said...

Nya sok sing edan we kadinya... Eh sing geura sadar maksad teh... Hihihi...

 
;